Skip to main content

resep bolu susu,di kukus

bab puasa

Batal ganjaran puasa tapi te wajib di kodoan,

Ngabohong,
ngupat,
ngadu2,
sumpah bohong
Ningali lalaki/awwe sejen kalawan syahwat.

- silalatu naraka moal nepi ka jelema anu boga ganjaran puasa jeng anu sok sidakoh.

Tapi ari piken nu apik mah mun batal ganjaran puasa teh sok di kodoan,
Saperti syeh hasan basri,30 tahun solat berjama,ah sok di jajaran ka -1.
Dina 1 waktu kaberangan ,jadi solatna di tukang,dina hatena ngagerentes kie,duh era we ku jalma aena mah solat jadi di tukang,
Pas kitu eling...har berarti salila 30 tahun solat berjama,ah di jajaran ka -1 teh karena era ku jalma? lain karena alloh ?
Tras we syeh hasan basri ngodoan solatna anu selama 30 tahun tea.

_ wajib buka puasa oge wajib kodo,
Nyeeta istri anu nipas/hed sanajan datangna 5 menit dei ka magrib

_ wenang buka puasa tapi wajib kodo wungkul,
Nyeeta jalma gering anu nyaba syarat lalakon 2 marhalah/lalakon anu wenang solat di jama kosor.syarat dei mangkat nyabana kudu memeh subuh jeng nyabana lain maksiat.

_ wajib kodo + wajib pidyah,
@ nu hamil karena buka puasana sieun kaguguran orokna.

..mun buka puasa anu hamil karena kur dirina sorangan sbb leles eta mah wajib kodo wungkul ye wajib pidyah.
..nu ker nyusuan sieun budak leles eta wajib kodo + pidyah.
Tapi mun eta inungna nu ker nyusuan teh buka puasana karena leles, haus wae,ngan ari budak mah bager,jag jag cai susu oge loba,ngan eta mh inungna we nu laleles jeng haus wae,eta wajib kodo wungkul te wajib pidyah.

_ jeng nu boga kodo nepi ka lewat romadon dei can dikodoan eta wajib kodo + wajib pidyah.

_ Wajib pidyah te wajib kodo,
Nyeeta jelema anu ges kolot apes migawe puasa.

Pidyah puasa eta sapoe saleter,
Pidyah solat mah sawaktu saleter,jadi sapoe jadi lima leter.

Kitab kifayatul gulam hal:35

Comments