Skip to main content

Posts

Showing posts from April, 2020

resep bolu susu,di kukus

wajibna elmu tajwid& makruna jalma puasa

Kitab miftahul zannah hal :39 - baitul izzah tempat di kumpulkeun alqur,an,di turunkeunna ky malaikat jibril ka rosululloh di tuntut/ te di gebrokeun,selama 23 tahun. - saha jalma inkar kana elmu tajwid eta jadi kafir/lamun te ngayakinkeun kana wajibna di ajar elmu tajwid. - di siksa jalma anu maca qur,an te make elmu tajwid,karena eta jalma sarua jeng ngabohongkeun ka alloh jeng ka rosul. - lamun anu kamaotan eta pan sok di pangngaosken terus di kulian/di bayar, Ngan lamun maca qur,an na te bener ,te make elmu tajwid,eta jadi te wajib di buruhan/di bayar,sabab maca qur,anna te bener,sanajan tos aya perjanjian di awalna rek di bayar. ____________________________________________ Kitab kifayatul gulam. ^ makruh jalma puasana: - jalma anu gering ripuh -jalma anu ker mamangkatan,tapi lain rek     ma,siat - jalma anu ges kolot,(ges asak meren nya) - jalma anu masih boga kodo puasa romadon,heg make puasa sunat,eta puasa sunatna jadi makruh - poe jumaah...

agungna alqur'an

- Saha jalma di ajar/ngajarkeun qur,an,eta jalma pang afdola,jadi urang lamun can bisa kudu di ajar qur,an terus lamun ges bisa kudu ngajarkeun ka batur. - maca qur,an eta cara ngobrol sareng alloh,jeng pasti alloh bakal ngarespona,eta jelas dawuhan rosul. - saha jalma ngamulyakeun kana qur,an jeng ka ahli qur,an maka pasti ku alloh eta jalma bakal di mulyakeun bakal aya dina karidoan alloh. Sabalikna saha jalma anu ngahinakeun kana qur,an jeng ka ahli qur,an maka pasti eta jalma bakal di hinakeun ku alloh. - alloh moal nyiksa ka jalma anu inget wae kana maca qur,an, Anu tahfid qur,an kade kur apal wungkul,tapi kudu di barengan jeng ngamalkeunna elmu anu aya dina qur,an, Jeng kudu di barengan di ajar elmu anu fardu nyeeta elmu fikih,taohid jeng tasauf. - afdol maca qur,an bari di tingali huruf hurufna. - 60 rebu malaikat pang macakeun solawat piken jalma anu hotam qur,an. Jeng saha jalma anu miharep kasaean maka seerkeun maca qur,an ,unggal 7 poe hotam qur,an, Komo lamun macana bari ta...

adab ka tamu

Kudu nyadiakeun dahareun (kue) jang nyuguhan tamu,naon wae rek sakeler atawa dua keler. Atawa mun te aya kue ,cai wungkul oge wios. Tamu kudu di bageakeun sabab tamu mawa barokah,matak di hampura dosa,lain hartina dosa urang di bikeun katamu,tapi maksudna ngifaratan kana dosa urang. Sabalikna si tamu ulah jadi semah ! ( ngahesekeun nu boga imah ),make hayang di pangliwetkeun,boa pribumi teh can bogaeun beas?. Tah kitu nya adab jadi tamu jeng katamuan. @tetehcipulus,basa ngaos live.

do'a kamerekaan.

Kamerekaan nyeeta loba teuing barangdahar,baning ku pinuh beuteu ng biasana sok nyeri,iye do'ana : --Bari di usap betengna 3x nari maca ; اَللَّيْلَةُ لَيْلَةُ عِيْدِيْ يَاكَرْشِی وَرَضِيَ اللّٰهُ عَنْ سَيِِّدِي اَبِی عَبْدِاللّٰهِ اَلْقُرْشِيْ kitab : nasoihul awwam (pasal ka 14 hal : 41) karangan mama sempur

mertelakeun adus

- adus kaasup kana toharoh nyeeta susuci,    Nyeeta 1 adus                  2 abdas /wudu. Piken lalaki adus biasana ari zima atwa ngimpi zima nepi ka kaluar mani, Ari istri mah rupa2 selain zima jeng ngimpi zima oge istri aya adus tina suci hed jeng suci nipas. - niat adus tina hed : نویت رفع الحدث الاکبر عن الحیض فرض لله تعال dina hate ucapkeun : niat abdi mandi karena ngalengitkeun hadas ageng nyeeta hed fardu karen aalloh taala,( mun dina hate te di ucapkeun kitu maka adusna te sah ,jadi ibadah kanu sejenna te sah,saperti solat,puasa  ) --dina niat anil-haedina harus di ucapkeun dibawa niat mandi hed tea,ngan mun te di ucapkeun ge wios mandina tos sah,ngan saena afdolna di ucapkeun. --- contoh :  نویت رفع الحدث الاکبر فرض لله تعال Tos niat kitu bari jeng hadir niat dina hate tea terus ratakeun cai kana sakabeh badan sing rata,lepat lepit kulit liang dina awak sing kakumbah ku cai nepi ka rata kabeh,bagean awak nu luar ...

puasa

wajib ngeker puasa oge wajib kodo puasa                          Romadon __________________________________________ - jalma anu ngahaja ninggalkeun kana puasa,jadi emung puasa we eta mah jelema teh. - jalma anu te niat tipeting sanajan poho. - jalma kaberangan dahar saur,   Conto:pas tos beres dahar saur kakuping di masjid komat subuh,berarti basa dahar teh tos bedug subuh. - jalma buka puasa can manjing waktu buka,situasina poek cedem padahal rek hujan,ari panyangkana tos bedug magrib. - nyangka yen karek 30 poe bulan sya,ban,padahal tos tanggal 1 romadon,ari batur mah tos paruasa romadon manehna mah te puasa,pas nyahona yen tos tanggal 1 romadon lohor,eta litu wajib ngeker nepi ka magrib jeng wajib di kodoan. - kekemu jeng ngingsrek cai lelewiheun ari rek wudu.      Pamakruhan puasa... - ganjaran puasa batal sabab migawe pamakruhan ,anapon ari puasana mah te batal. - Nyarekan batur anu nya...

bab puasa

Batal ganjaran puasa tapi te wajib di kodoan, Ngabohong, ngupat, ngadu2, sumpah bohong Ningali lalaki/awwe sejen kalawan syahwat. - silalatu naraka moal nepi ka jelema anu boga ganjaran puasa jeng anu sok sidakoh. Tapi ari piken nu apik mah mun batal ganjaran puasa teh sok di kodoan, Saperti syeh hasan basri,30 tahun solat berjama,ah sok di jajaran ka -1. Dina 1 waktu kaberangan ,jadi solatna di tukang,dina hatena ngagerentes kie,duh era we ku jalma aena mah solat jadi di tukang, Pas kitu eling...har berarti salila 30 tahun solat berjama,ah di jajaran ka -1 teh karena era ku jalma? lain karena alloh ? Tras we syeh hasan basri ngodoan solatna anu selama 30 tahun tea. _ wajib buka puasa oge wajib kodo, Nyeeta istri anu nipas/hed sanajan datangna 5 menit dei ka magrib _ wenang buka puasa tapi wajib kodo wungkul, Nyeeta jalma gering anu nyaba syarat lalakon 2 marhalah/lalakon anu wenang solat di jama kosor.syarat dei mangkat nyabana kudu memeh subuh jeng nyabana lain maksiat. _ wajib kodo ...

live cipulus

2 april 2020,bada asar live ti cipulus Penerangan ngaos: 16,pegat tina istihadoh di jero solat. - ari beser + istihadoh eta sami langgeng hadasna,jdi istri anu kitu ttep hrus wajib ngjalankn sdya ibadah . -niat wuduna anu istihadoh,nawaetul wudua listibahatissolati fardo lilahi taala.jd niatna teh karena supya ngwenangkn kana solat lain ngangkatkn hadas. -mun nu istihadoh trus solat/di jero solat karasa saat getihna,maka eta jadi batal solatna,otomatis kdu abdas dei ngan niat wuduna kudu niat wudu anu bisa ngangkatkn hadas nyeeta ;nawaetu ropalhadasil asgori listibahatisolati fardo lilahi taala, Naha make kudu abdas dei ?sbb tadi basa masih aya getih istihadoh niat wuduna kur niat ngawenangkn solat,lain niat ngangkat hadas alit. -ninggalkn fardu dina solat eta batal solatna,conto te mc fatihah -lalaki solat ngama,mum ka istri eta batal solatna. -mihelaan imam kudua rukun eta sami batal solatna. -batal solatna jalma anu murtad dina agama islam,conto mun kr solat mang2 hate kana ayana al...

agungna kangjeng rosul

4 -4-2020 Kitab jahrul basim hal:28 Sbb bacaan solat lohor jng asar di launken,zaman harita bangsa kafir araya  harudang,pan susumputan waktu harita mh ibadah teh,ari peting mh magrib isa subuh biasa di tarikn bacaan solat teh,sbb kafirna sarare. Trus turun ayat alloh marentah nyebarkn ngadohirkn agama islam scra terbuka,terang terangan. Tos kitu rosul nyebarkn islam scra terbuka,ngadohirkn ajaran islam,di antarana ngajauhkn sadaya tapekong ( pan zaman harita masih pinuh tapekong di ka,bah )rosul ngajak ibadah ka alloh,ka jelema kafir jeng ka jalma islam anu maksiat di singsieunan ku siksa naraka ,sabalikna ka jelema tukang ibadah di bibita ku amisna syurga, Kersaning taopek sareng hidayah ti alloh,Tidinya seer anu ariman lebet agama islam. Tapi di antarana masih seer anu merangan ka rosul sehingga para sohabat aya nu hijrah ka negri habsy kalawan izin rosululloh,tapi aya sawareh sohabat anu mukim sareng rosul tetep di mekah. Samemeh rosul di isrokn sareng di mi,rajken Awal ibadah ...